11/08/11

NADOMAN / PUPUJIAN


Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya 
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking

Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan

Lai meuran lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
 Nu deukeut geus teu katembong

Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Nabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan

Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler

Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung

Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan

Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung

Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak ruper heureut

Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah

Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan

Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit buerang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring

Hanjakal aduh hanjalak
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih

Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana

Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan

Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
 
Nadoman / Pupujian di atas mengingatkan saya pada masa ketika masih kecil dahulu, yaitu ketika jamannya belajar ngaji bareng teman2 rumah di tajuk nya Wa Basar Alm (semoga beliau diterima Iman-Islamnya, amiin..). Sebuah bangunan atau lebih tepatnya gubuk panggung dengan dinding papan yang terdiri dari 4 ruangan yg sangat kecil, beralamat di Kp. Pasir Koja RT 02 RW16 Sd. Serang Bandung pada kisaran awal 90an. Saking kecilnya itu gubuk ketika kami akan masuk pun harus sambil membungkuk karena tinggi pintunya kurang lebih hanya sekitar 1.2 m jd mungkin bisa dibayangkan pula tinggi atapnya setinggi apa..?

Wa Basar Alm., bisa dibilang merupakan sosok guru ngaji yg "kolot" tapi punya disiplin kuat. Umpamanya masalah kehadiran, bagi santri yg ketahuan datang telat maka akan dapat hukuman. Hukumannya beragam, ada yg dicepret menggunakan tongkat kayu, ada yg dpt tugas nulis di papan tulis dan ada juga yg mendapat giliran di "wuruk" ngajinya paling terakhir sehingga pulangnya menjadi paling akhir. Kamipun seminggu sekali kebagian jadwal ngepel yg wajib hukumnya.

Ada beberapa hal terkait pengalaman dan kenangan unik yg kami dapat ketika belajar ngaji di tajuknya Wa Basar Alm., selain belajar ngaji kitapun diajarkan pelajaran Steno Dasar yg katanya jenis tulisan yg biasa digunakan wartawan2 jaman dahulu. Cuman karena jaman dulu saya ngajinya teu aleg (lebih sering "hareureuynya" dibanding belajar bener2) jd sama sekali ilmu steno itu ga ada yg nempel di memori otak saya hehe...

Satu lagi yg nempel dikenangan kami, ya itu td... kami selalu melantukan nadoman / pupujian menjelang pelajaran ngaji dimulai atau pun ketika sebelum pulang. Nah satu lagi kelebihan Wa Basar Alm., Beliau orangnya rapi. Pupujian yg biasa kita lantunkan tsb beliau sediakan dalam bentuk tulisan tangan yg sangat rapi (huruf sambung) dan ada pula yg diketik di selembar kertas HVS, dan kertas2 HVS tsb ditempel di lembaran2 triplek sehingga bait2 pupujian tsb tidak mudah sobek dan tdk mudah rusak.

Saya lupa pastinya, namun ada cukup banyak jenis nadoman yg kami lantunkan, dan berdasarka temanya dibagi menjadi beberapa bagian, diantaranya :
(1) Memuji keagungan Tuhan,
(2) Sholawat kepada Rasulullah,
(3) doa dan taubat kepada Allah,
(4) meminta safaat kepada Rasulullah,
(5) menasehati umat agar melakukan ibadat dan amal shaleh serta menjauhi kemaksiatan, dan
(6) memberi pelajaran tentang agama

Ada beberapa nadoman lagi mudah2 dikesempatan lain bisa saya muat juga di blog ini, namun sayangnya sebagian besar nadoman saya lupa syairnya dan tidak punya salinannya.

Oh iya, ada satu lagi yg unik... kami para santri laki-laki diwajibkan menggunakan sarung ketika ngaji, tidak boleh menggunakan celana panjang, bahkan kalau ada anak santri yang menggunakan celana panjang atau pendek kemudian dirangkap sarung dan kemudian ketahuan maka pasti akan di "setrap" sebagai ganjarannya... aturan yg aneh hihihi, tp.... ^-^'

Hmm.. Karya sastra Sunda yang sangat indah dan sangat sarat akan makna, moga para penyairnya mendapat ganjaran pahala yang setimpal dari Allah SWT..



blog ini saya tulis pd malam ke 12 Bulan Ramadhan 1432 H bertempat di kantor pas kebagian jaga malam ditemani lagu-lagu Maher Zein, Tombo Atinya Opick dan Don't Know Why-nya Norah Jones (teupenting.com hihi...)

23 komentar:

Ieu pisan nu ku abdi nuju di pilari teh.... nuhun ach.
ari anu nyarioskeun naraka....
nu kieu geuning....
...
seuneu untab-untaban
panasna taya bandingan

sawangsulna.. aduh punten nembe ngawaleran, nembean deui ngblog hehe...

kang abdi ge asa kantos ka tajug eta mah .. abdi bumi di rw 19 gagak sadang serang na.. caket pasbar...muhun taun 90an da abdi ge nuju sd . teras sok ngaji kaitu kadieu .. nuhun kang asa ka emutan....

nuhun pisan yeh nya kang nadomanna.

mugia jdi pepeling ker diri sim abdi

hatur nuhun pisan kang pupujiana, mugi janten amal kasaean.
amiiin

aya versi mp3 na teu abdi hoyong nguping lagamna

Di pilari ti kapungkur nembe KA Timu. Hatur nuhun . Ijin kopi kang

gaduh nadhom anu lirikna umat islam akhir jaman kana shalat naringgalkeun tinggal shalat lima waktu poho ka allah nu satu...upami aya nyhunkeun....

Nuhun dulur, janten kaemutan eta nadloman teh waktos alit
Nuhun

izin save share dan copy paste om..

Di laguin emak :') tiap mau tidur

Izin di save sareng di share

Posting Komentar