02/11/09

TATA KRAMA BASA SUNDA (Undak Usuk Basa)

TATA KRAMA BASA SUNDA
(Undak Usuk Basa)

Gurat badagna tatakrama Basa Sunda teh dibagi 3 golongan, nyaeta :

1. Basa Kasar
Basa Kasar digunakeun keur sato atawa nu keur ambek

2. Basa Loma
Basa Loma diharapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab)

3. Basa Hormat
Basa Hormat diharapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan

Tujuan ayana tatakrama Basa Sunda teh nyaeta pikeun silih hormat upama dibarengan ku : lisan (kecap) pasemon, rengkuh jeung lentong.

1. Cara Makena Basa
Basa Loma; Basa Lemes ka Sorangan; Basa Lemes ka Batur :
Boga; Gaduh; Kagungan,
baju; baju; raksukan,
balik; wangsul; mulih
bawa/nyokot; bantun; candak
datang; dongkap; sumping
dahar; neda; tuang
gering; udur; teu damang
imah; rorompok; bumi
indit; mios; angkat
katenjo; katingal; katingali
mere; masihan; maparin
meuli; meser; ngagaleuh
menta; nyuhunkeuh; mundut
mandi; mandi; siram
nanya; naros; mariksa
nyaho; terang; uninga
ngadenge; nguping; ngadangu
nginum; nginum; ngaleueut
poho; hilap; lali
sare; mondok; kulem
nyarita; nyanggem; nyarios
hudang; hudang; gugah
diuk; diuk; calik
labuh; labuh; geubis
ngomong; sanggem/nyanggem; saur
hayang; hoyong; palay

bersambung....

5 komentar:

Wah ieumah bersambung wae postingan teh lur

pasti ditungtungan ku jangji, maneh mah. Nu 17 agustusan ge teu burung dicumponan. Jigana rek diteruskeunna ku 17 agustusan taun hareup. Eta ge mun aya keneh umur.

Enya mas di pungkas ku kata2 "bersambung" tapi duka iraha sambungana hehehe

ke lamun pareng... pareng daek heuheuheuheu...

tunggu sajah tanggal maennya...!!!

Lurd ajakan atuh Blog urang Biantarasunda.blogspot.com

Posting Komentar